Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten,
papakéanana geus butut sarta laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan
orat. Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé,
malah-malah sakapeung mah datang ka potpisan sapoé dua poé henteu
manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul. Ari buburuh dederep
henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang
tanagana. Jadi kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé dina
tegal-tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa
cangkaruk ka tatanggana.
Pandéning
imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, kitu ogé
hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan, anu daék nulung
mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning
nunggul pinang.
Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan
nyaho ka gusti Allah, ulahbon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana
ogé henteu apal, pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh
anu midamel.
Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu
manggih-manggih dadaharan, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré.
Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna,
“Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh”.
Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték
deui ka tegal, bari
sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah
langlayeuseun teuing. Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso
urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun
walungan gedé. Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk
deleg pirang-pirang, rék pindah tina walungan kana talaga. Sanggeus nepi
kana tengah-tengah éta tegal kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna,
jadi deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu
bisa maju leumpangna. Kusabab éta deleg kabéh pada nyandang susah
tanwandé manggih bilahi paéh kasaatan.
Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus
tangtu manggih untung meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran
sangu. Tapi manéhna héran neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti
sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi
ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, “Samiun Allah kuring neda hujan!
Samiun Allah kuring neda hujan!” Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur. Ari ku
nini-nini téh didéngékeun baé saomong-omongna éta deleg téh, hayang nyaho
kumaha kajadianana. Barang geus kira-kira satengah jam lilana datang
hujan gedé naker wani cileungcangan, ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang
tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna tina bawaning
tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa.
Kacaritakeun éta nininini téh sanggeus datang ka imahna
tuluy mikir bari
ngomong di jero haténa, “Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Allah
téh, meureun di paparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan
bédana aing mah rék neda uwang.
Ti dinya éta nininini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan
ka luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. “Samiun Allah kuring neda uwang!
Samiun Allah kuring neda uwang!” Kitu baé omongna teu eureun jeung pikirna
anték kacida panedana ka gusti Allah, datang ka geus teu aya pikiran deui ka nu
séjén
Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh,
banget ngéwaeunana, ku sabab gandéng jeung bosen, saunggal poé unggal peuting
ngadéngékeun omongna éta nininini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé
nyentak ka nininini téh pokna, “Nini! Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh
deui kasab, moal enya Allah téh sumping ka dieu, seba duit ka manéh; jeung kitu
baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka leuweung meureun aya hasilna; jeung
deui; lamun manéh henteu beunang di carék, geura undur baé imah manéh ulah
ditangkodkeun ka imah aing.
Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu,
tonggoy baé ngomong nyuhunkeun duit ka Allah anggur beuki tambah maksudna.
Bareng geus nepi ka lima
poéna, anu boga imah téh, beuki kacida garétékeunana, henteu beunang dicarék,
sarta dititah undur henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni
beunang ngeusian ku beling, datang ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel
ambih beurat, niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina di nyanaan
duit paparin Allah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang
tonggongna, ku éta karung ambih kapok moal ngomong kitu-kitu deui.
Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh
dibawa naék ka para, tuluy diponcorkeun tina sipandak ditindihkeun ka handap
mener kana tonggongna nininini téh kalengger tina bawaning nyeri. Ana geus
inget, nénjo aya karung ngadungkuk kacida atoheunnana, panyanana nya éta karung
duit, paparin ti Alah.
Anu boga imah téh suka seuri nénjo kalakuan nini dug-dug
deg-deg, semu banget atohna. Geus kataksir piengkéeunana bakal meunang éra
kabobodo, karana nu dikarungan téh tétéla pisan yén beling.
Geus kitu karung téh disembah ku nini-nini téh bari ngomong kieu, “Nuhun
Allah! Nuhun! Naha
loba-loba teuing maparin duit téh, mana ari keur ajengan, aya kénéh nun?” Ti
dinya tuluy geuwat dibuka. Geus kitu kersana nu agung, dumadakan éta beling
kabéh jadi duit, aya uwang emas aya uwang pérak, jeung deui kumaha gedéna baé
aya nu jadi ringgit, aya nu jadi ukon.
Ari isukna tatangga kabéh daratang ngadegdeg, yén éta
nini-nini meunang bagja boga duit pirang-pirang, asal tina dibobodo, malah
kapala distrik sumping ka dinya ngalayad, sarta tuluy dilaporkeun ka nagara
jeung ditétélakeun asal purwana. Ari timbalan ti nagara, éta nini-nini henteu
kaidinan cicing di kampung, bisi aya nu nganiaya dipaling duitna, jeung diurus
dipangmeulikeun lembur imah, katut eusina. Ti wates harita éta nini-nini téh
jadi sugih teu kinten-kinten.
Kitu deui dipikanyaah ku menak-menak tina saregep
kumawulana jeung tambah alus budina, kalulutan ku jalma réa sobatna, tina suka
tulung ka jalma-jalma nu miskin, sumawonna ka nu keur kasusahan, margi
ngaraskeun kadirina basa keur malarat kénéh.
Kacaritakeun éta jalma, anu méré karung beling téa,
kabitaeun naker neuleu éta nini-nini téa jadi beunghar, lantaran dibobodo
karung beling ku manéhna. Geus kitu boga niat hayang nurutan.
Ti dinya tuluy nganjang, sejana rék badami, supaya dibales
ku éta nini-nini téa sina nindih ku karung beling ka manéhna, pokna, “Nini
saterangna éta duit téh asalna beling beunang kula ngarungan, dipaké ngabobodo
ka sampéan, kusabab satadina kaula giruk ngadéngékeun ajengan ngomong baé
nyuhunkeun duit ka Allah, tatapi ahir-ahir éta beling dumadakan wet jadi duit
kabéh. Ku prakara éta ayeuna kaula rék neda dibales ku sampéan, hayang
ditinggang ku karung beling, karana tanwandé jadi duit ogé cara nu geus
kalampahan, tatapi kaula mah hayang ditinggang ku dua karung, nu galedé, ambeuh
kaula leuwih beunghar manan nini. Wangsul nini téh, “Hadé heug baé geura
tapakur, cara kaula baréto”. Ti dinya éta jalma téh tuluy balik, sadatang
ka imahna heug baé tapakur nurutan sakumaha polahna nini-nini téa sarta ngomong,
pokna, “Samiun Allah kuring neda uwang! Samiun Allah kuring neda uwang!”
Kitu baé omongna jeung pikirna ujub kacida nangtukeun yén bakal meunang duit ti
Allah dua karung goni parinuh. Bareng geus nepi ka lima
poéna, nini-nini téh tuluy ka imahna éta jalma nu keur tapakur téa, bari mawa dua karung
beling beunang méprékan, sarta tuluy dibawa naék kana para, ti dinya heug éta
dua karunganana ditindihkeun kana tonggongna.
Barang blug ninggang, sek baé kapaéhan malah-malah tulang
tonggongna datang kapotong.
Arina inget ngageuwat ménta parukuyan ka pamajikanana, heug
karung téh dikukusan, ari mentas dikukusan tuluy disembah, bari ngomong nurutan cara omong nini-nini
téa, pokna, “Nuhun Allah! Nuhun! Naha
maparin duit réa-réa teuing, mana ari keur ajengan? Aya deui?”
Barang geus tamat ngomong karungna dibuka, béh beling kénéh
baé henteu daékeun jadi duit, ti dinya kacida hanjakaleunana datang ka
ngalembah rék ceurik tina bawaning aral, ség baé bijil omongna suaban ngahina
ka gusti Alah pokna, “Ih naha
Allah téh wét pilih kasih, dipangnyieunkeun duit sawaréh? Ari kaula henteu?
Jeung deui: kumaha naha
atawa Allah téh geus diganti deui tayohna, da nu baréto mah bisa nyieun duit ku
beling, ari Allah nu jeneng ayeuna tayoh-tayoh henteu bisaeun?
Ti wates harita éta jalma gering heubeul pisan nyeri
cangkéng, tatamba kapirang-pirang dukun. Tina aya kénéh berkah Allah bisa
cageur ogé, tatapi tanpadaksa, jadi bongkok tonggongna, datang ka henteu kuat
nyiar kahirupan rosa-rosa, lawas-lawas manéhna jadi malarat cara nininini téa,
kawas-kawas jadi tépa malaratna éta nini ka éta jalma téa.
{ 0 komentar... read them below or add one }
Posting Komentar